Selasa, 05 Maret 2019

ATAH ADOL

Kabayan boga babaturan ngarana si Atah Adol,  ari eta jelma resep pisan komunikasi jeung jelma sejen ngomongkeun acis nu aya di para koruptor cenah infona meunang ti medsos, ari pagaweana mah serabutan manehna serba bisa multitalenta, sakapeung nganggur bari jeung pikirana ngawur euweuh gawean euweuh cabakeun... Jadi weh hobi lilana kambuh...nyaeta...mancing teungah peuting.
         Kabayan kungsi tumaros ka anjeuna.. .Kunaon mancimg ti peupeuting bari jeung Untang anting neangan nyi kunti... Pan ari nyi kunti teh ti baheula ge boga papasangan jeung genderuwo.
Kabayan:"eta geuning teungah peuting kie mamawa joran. . .rek mancing kamana?"
Atah Adol:"ka walungan.. .Hayu atuh.... Cenah ceuk beja kudu ka walungan anu aya nyi kunti diluhureun awi diwalungan...sok loba laukna Cenah. "
Kabayan:"tos kapanggih jeung nyi Kunti?
Atah Adol:"puguh euweuh.... ."
Kabayan:"bisa jadi keur bobogohan jeung Genderuwo. "
Atah Adol:"tara tara ti sasari ...biasana nyi kunti ditinggalkeun sosoranganan . Atuh da genderuwo biasana ge neang jelma awewe nu kesepian."
Kabayan:"ari maneh. ..rek meunang lauk atanapi rek patepang jeung nyi kuntilanak.
Lamun rek meunang lauk mah... Hampang .....piara empang meser bibitlauk...kekecruk taneuh..simutan ku terpal.. .piara nila lele mujaer sukur mun aya gurame....nah loba lauk.. Dijual ka pasar jadi acis loba."....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar